Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci urang sunda (44)
- TANGTUNGAN SUNDA EUSI PIKEUN NANJEURKEUN DEUI SUNDAKu: Eddy Nugraha
13 Jun 2002 - 6:45 am
Salian ti warna-warna kanyaho Urang Sunda ngeunaan sebutan Sunda eta, harti nu dipake ku para ahli ngeunaan Sunda oge robah-robah ti jaman ka jaman. Misalna, dina pustaka tahun 50-an harti sunda teh nepikeun ka leuwih ti 25 harti (Sajarah Sunda I, 1956). Satuluyna, dina kamus Basa Sunda timiti citakan ka 1 (LBSS, 1975) nepi ka citakan ka 7 (LBSS 1992) ngan dihartikeun sacara etnis sanajan ditambah katerangan ngeunaan harti asalna. Robah-robahna ieu nunjukkeun robahna pangartos para ahli Urang Sunda dina ngama'naan sunda jeung dina ngajelaskeun ngeunaan tangtungan sunda ka bangsana.
- TATA-TITI DUDUGA PRAYOGA PANYANGREUD KARAHAYUAN KULAWARGAKu: Drs. R.H. Hidayat Suryalaga
13 Jun 2002 - 6:30 am
Urang Sunda tangtos mikawanoh paribasa anu unina: tata-titi duduga prayoga, anu ieu sadayana kawengku ku tatakrama atanapi etika. Dina kahirupan sadidinten etika teh ngurung tilu widang, nyaeta etika religi/agama, etika filsafat sareng etika sosial. Unggal kulawarga kedah narekahan sangkan anggota kulawargana henteu mengpar tina etika anu tilu widang ieu.
- KUMAHA LAMUN GEDUNG DPRD JAWA BARAT DI ARANAN BALE SIPATAHOENAN?Ku: H. Apep Syafei
12 May 2002 - 11:06 pm
Ari Sipatahoenan teh ngaran hiji leuwi di Pajajaran. Jadi ku ayana Leuwi Sipatahoenan teh nu tadina pagirang-girang bisa namper tur rata sakumaha beungeutna cai di leuwi, jadi kukituna Sipatahoenan teh hiji tarekah kolot-kolot urang baheula supaya urang Sunda bisa runtut raut sauyunan sakumaha ngagimblengna cai dina leuwi.
Kumaha upami tarekah kolot baheula teh diropea deui ngan jentulannana benten ulah Koran, tapi ditepakeun ka Gedung DPRD Jawa Barat? Kumaha upami urang namian bae Gedung DPRD Jawa Barat teh janten BALE SIPATAHOENAN? Mugi-mugi bae nu adu renyom teh tiasa namper siga ngagimblengna cai dina leuwi Situ Sipatahoenan.- NGAGUAR MANGSA NGADEGNA UNPADKu: H. Apep Syafei
1 May 2002 - 5:54 am
Sok sanajan geus rawun da bongan sok masih keneh hayang bucu-baca komo mun seug nu dibaca teh aya patula patalina jeung pangalaman nu kungsi karandapan ku sorangan, dina palebah nu nulis macaan sajarah-sajarah Unpad boh Paguyuban Pasundan ngan ukur bisa seuri koneng ari margina ceuk raraosan upami di ibaratkeun mah teu benten sareng nongton Asep Sunarya barang bray teh ujug-ujug ger teh Gatotgaca keur perang jadi teu terang naon sababna.
Tah kukituna barang pun incu nerangkeun yen internet tiasa jadi alat informasi sareng komunikasi jorojoy hoyong kutrat- kotret saperti jaman keur ngora susuganan bae aya paedahna keur sarerea. Jaman keur jadi tukang nyadapan warta di koran "Sipatahoenan" (1950/1960).- SEJARAH SEBAGAI PENDORONG TERWUJUDNYA PERADABAN BANGSA YANG MADANI DAN MARDOTILLAHOleh: H.R. Hidayat Suryalaga
9 Apr 2002 - 6:46 am
Beberapa wacana adagium tentang sejarah dan peradaban manusia bahwa: Pada dasarnya manusia itu adalah mahluk berperadaban (Al Insan Madaniyun bit Tab'I - Ibn Khaldun). Untuk menghancurkan suatu bangsa hilangkan saja kebanggaan akan sejarahnya. Menurut Sosiolog Barat, kacida hinana bangsa nu teu bogaeun sajarahna (betapa hinanya bangsa yang tidak mempunyai sejarahnya). Hal ini terungkap dalam Dialog Drama Sanghiyang Tapak - Teater Sunda Kiwari pada Tahun 1987.




















